Rumpaka Dina Lagu Sunda

Ku: Nano S


Namperkeun sarining basa
Rumpaka teh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan.

Tina beda-beda sebutan jeung istilah, katingalina ayeuna mah nyoko kana hiji istilah nu dianggap sisniger tengah, nyeta rumpaka bae disebutna teh. Wangunan eta rumpaka rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok make sajak bebas bae.

Dina lalaguan tembang Sunda, anu umumna sok make rumpaka/dangding tina pupuh, geus lawas jadi bahan ulikan para ahli sastra. Nu diulikna, lain kumaha tumapelna tur adumanisna eta dangding kana komposisi lagu, tapi leuwih nyindekel kana ajen sastrana. Teu aneh mun dangding dina tembang teh loba nu aralus, maklum seeur kenging para bujangga anu tos kawentar. Salah sawiosna guguritan lagu laut kidul kenging Kalipah Apo, anu terus disandingkeun kana lalaguan, anu manjing dina pupuh dangdanggula.

Lalaguan kawih, saperti barudak/lagu rakyat/kaulinan urang lembur, kapasindenan, kawih kacapian, sanajan jumlahna bisa jadi leuwih loba, masih langka kaguar pikeun jadi obyek penelitian para ahli sastra. Memang eta ge kungsi aya, tapi sipatna ngan teu saukur ngumpulkeun wungkul, henteu dibahas atawa dianalisa sacara gemet.

Padahal naon nu disebat rumpaka teh, sacara teu sadar geus loba andilna kana milu manjangkeun daya inget kana unina kekecapan, sabada awor jeung lagu. Saur Rd Mahyar Angga Kusumadinata ...
(ahli karawitan sunda/sastrawan) rumpaka teh tiasa namperkeun sarining basa, salian ti jadi pangaluwentah (bahan ajar pendidikan basa/sastra) kanggo barudak sakola.

Sigana guguritan laut kidul, budak leutik bisa ngapung, eling-eling mangka eling, pat lapat, trang-trang kolentrang, jaleuleu, jrrd moal manjang dipiinget tepi ka ayeuna, upama henteu napel dina lalaguana. Beh dituna, sanajan eta kekecapan teh geus teu dipiterang hatina, anggeur we dihaleuangkeun, da geus napak dina laguna. Dangdingan dina wawacan anu dicutat jadi rumpaka lagu dina tembang, nyesakeun semplak ingetan sabada sabagian padalisan dina jalan caritana diinjeum jadi hiji lagu.

Ritme

Sabada ngabanding-bandingkeun rumpaka lalaguan Sunda, boh nu napak dina lalaguan nu geus aya, atawa dina kreasi kabinangkitan anyar, karasa pisan ayana beda garap jeung ngareka sanggina. Nu dimaksud hal garap nyaeta, aya kalana rumpaka dipaksa kudu tunduk kana melodi lagu nu geus baku. Nu penting pas dina guru wilanganana. Ngareka sanggi, kumaha rumpaka anyar jadi lagu. Lamun dianggap kurang, sok ditambahan kunu ngarekana atawa ku anu nembangkeunana/ngawihkeunana. Nambahan kecap gening, aduh, dunungan, panutan, etah, mah, geus dianggap biasa tur dianggap genah, dina ngalagukeunana. Salah sahiji contona:

Hiber deui ari kukupu hiber teunangan

(Sabagian tina lagu kukupu)

Perhatikeun kecap ari, dina keur dilagukeun mah teu karasa ningnang. Tapi sabada ditulis, karasa ngaganggu kana kontek kecapna. Hal saperti kieu meh ampir aya di unggal lagu, pangpangna dina lagu nu lawas anu geus dianggap manjing disebut klasik atawa tradisi.

Aya kalana, jajar kecapna teh sok dibalikan deui. Cara ngabalikanana aya nu sabagian tina hiji padalisan, atawa aya oge anu gembleng hiji atawa dua padalisan. Contona dina pupuh Lambang:

Meneran keur caang bulan

Barudak sarukan-sukan

Arulin di pakarangan

Baruna udag-udagan

Padalisan kahiji jeung kadua, laguna diulang deui. Sedeng padalisan ka tilu jeung ka opat, aya nu diulang, aya oge nu henteu. Kusabab lagu nu dibalikan deui teh padalisan ka hiji jeung ka dua, dina aturan pupuh sok disebut yen aturan jumlah padalisan lambing aya genep atawa dalapan. Meralna eta jumlah padalisan, loba diakibatkeun ku lagu anu dibalikeun tea, da ari jumlah padalisanana mah geus dinggap cumpon ku opat padalisan bae.

Nu loba ngarajek kekecapan, pangpangna dina rumpaka sisindiran, loba kapanggih dina lagu kapasindenan. Pangaruh gede karasa lamun dina kekecapan awal diwangun ku 3-2-3. (Tina jumlah dalapan engang) Ieu mah salian dirajek, biasana sok ditambah sisipan. Tapi upama diwangun ku 2-3-3, atawa 4-1-3, biasana sok jadi jauh robah hartina, malah teu saeutik jadi matak mesem nu ngadengena. Contona:

Wangunan 3-2-3

Japati belang jangjangna

Ditambah sisipan kecap:

Japati mah belang jangjangna

Dirajek:

Japati mah japati mah japati belang jangjangna

Wangunan 4-1-3

Kokojayan di muara

Dirajek:

Koko koko koko koko kokojayan di muara

Wangunan 2-3-1-2

Sono papanggih di jalan

Dirajek:

Sono papang sono papang sono papanggih di jalan

Wangunan 3-2-3

Merdeka nyosok walatra

Dirajek:

Merdekanyos merdekanyos merdeka nyosok di jalan

Dina lagu pupuh buhun, sok sanajan biasana teu pati loba nu ditambah ku sisipan kecap, tapi tumapelna rumpaka kana lagu, bisa wae jadi ngarobah harti rumpaka awal, lamun diperhatikeun anu gemet. Contona pupuh kinanti dina padalisan kadua:

Budak leutik bisa ngpung

Babakungnga pungna peuting

Dina pupuh dangdanggula, bagian padalisan kahiji unina saperti kieu:

Ratu Gilingwesi pok ngalahir

Dina waktu ditembangkeun unina robah jadi kieu:

Ratu giling wesi pok nalahir


Conto di luhur ku para panembang atawa juru kawih, langka dipisandar jadi hiji kasalahan, sabab nu dipentingkeun laguna. Lagu mah geus boga ritme sorangan, anu geus pageuh matok dina komposisina. Robahna pedotan anu diakibatkeun ku misalna engang dina hiji kecap, henteu dianggap kasalahan. Tina pangalaman eta, aya alusna upama rek nyieun rumpaka/dangding, keur lagu anu geus aya (lagu sampakan), merhatikeun oge ritme laguna sangkan kasus saperti di luhur henteu kaalaman deui. Ku kituna lagu mah boga wangunan anu mandiri, utamana dina rumpaka anyar nu rek disandingkeun dina melodi. Ka hiji guru wilangan, ka dua pola ritmena. Lamun make pupuh, tangtu aya tambahanana, nyaeta guru laguna. Tapi di luar pupuh mah, bebas bae da teu asup jadi hiji aturan anu baku.

Kakuatan improvisasi tina para pasinden dina lalaguan kliningan (lagu nu dipirigan gemelan pelog/salendro), tambahan kekecapan jadi ngalegaan deui. Para pasinden di Subang upamana, ayeuna geus biasa nambahan kecap anu sabenerna kurang kontek jeung babon rumpaka anu dilagukeun. Contona nataan atawa nyambat ngaran nu lalajo. Eta kekecapan lamun dina wangunan sisindiran mah mungkin masih bisa ditolelir, tapi upama geus kana lagu kreasi anyar anu rumpakana nyender wangunan puisi/sajak, bakal karasa ngagangguna. Baheula Titim Patimah, sohor ku tambahan kecap, eh ibu bapa daramel naon mereunan. Ayeuna Cicih Cangkurileung nambahan deui ku kecap bapa lurah anu bageur. Teu cukup ku sakitu, dina nyambat hiji ngaran ditataan oge ngaran anu sejena, sakaligus jeung alamatna atawa jabatanana.

Dina bajidoran, hal saperti kitu geus jadi mode, sabab datangna duit panyaweran, loba datang ti ngaran nu disambat ku para pasinden. Cenah mun terus disambat tapi heug teu mere, bisa kawiwirangan. Cindekna nyambat ngaran ku nyelipkeun kekecapan dina lagu, salian ti jadi kakuatan improvisasi juru sinden, oge jadi taktik dina nambahan panghasilan. Jadi, masalah kontek atawa henteu, tara jadi masalah nanaon, nu penting tepi jeung bisa ngolahna. Ku kitu tea mah ulah waka ngareka tambahan kecap, dalah dina pirigan oge, nu baheulana jadi lagu bubuka nu maksudna sandak sanduk dipirig tepak melem, ayeuna mah bisa dibarangpakkeun ku kendang, saperti lagu dina lagu Kidung, nu dipirig kendang jaipongan.

Ku saba kitu, upamana tea mah juru rumpaka dina mere rumpaka ka juru sanggi, alusna mah milu nimbang-nimbang, dina seni naon eta rumpaka teh rek disandingkeunana. Upama tea mah dina jaipongan, aya alusna eusi rumpakana mere lolongkrang keur gerak tari, sabab engkena salian ti dihaleuangkeun, biasana sok dijieun bahan tarian. Lagu “Serat salira”, “Langit biru”, genah keur lagu. Tapi waktu eta judul lagu di pake judul tarian, karasana jadi teu nyambung, sabab para koreografer henteu museur kana jiwa rumpaka, tapi kana tepak kendangna.

Juru sanggi jeung sastrawan

Juru sanggi teh sebutan keur nu sok nyipta lagu. Ngaran ciptaana sok disebut sanggian. Lamun dina lagu aya kekecapan aya kekecapan anu unina, sanggian mang Koko, rumpakana kenging Wahyu Wibisana Kailaharanana lamun pandena saperti kitu, geus pasti rumpaka leuwih heula ti batan lagu, sabab jadina lagu sabada aya rumpaka. Bisa wae kajadian lagu leuwih ti heula aya, tapi masih mangrupa hariring anu can aya kekecapanana. Ku sabab juru sanggi ngarasa bingung nya menta tulung ka sastrawan. Ku sabab umumna para sastrawan henteu tiasa maca notasi, juru sanggi sok mere ugeran engang dina kekecapanana, nu dipikabutuh ku melodi lagu nu diciptana. Hal saperti kitu bisa disebitkeun langka, supaya gancang nya dijieun we ku sorangan. Masalahna sok sanajan geus dibere ugeran jumlah engangna, aya kalana jiwa lagu jeung rumpaka patojaiah. Contona, sora melodi laguna luhur metit ngalanglaung, tapi rumpakana ngaharewos lalaunan. Perkembangan gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan dina dunya kawih Sunda, nu make wangunan sajak bebas, kakara mekar dina katompernakeun taun lima puluhan. Umumna samemeh eta mah, juru sanggi sok loba nu nyieun rumpaka ku sorangan bae, atawa babaturan nu landes diantara sasama pangrawit.

Siti Armilah, RAF, Wahyu Wibisana, kaasup sastrawan nu naratas gawe bareng, ku jalan masihan rumpaka (sajak) ka Mang Koko. Satutas eta kacatet ngaran Agus Sariamiharja (Agus Sur), Winarya Artadinata, Dedy Windyagiri, Sukendar, jrrd. Salah sahijina pangaruhna ka Mang Koko, jiwa laguna nu asalna hegar jeung humor, ayeuna mah jadi leuwih daria tur melankolis. Katingalina dua-duana pada diuntungkeun. Mang Koko nambihan dina apresiasi sastrana, sedeng para sastrawan (satutas rumpakana jadi lagu) jadi kahudang dina neangan wangunan anyar, wangunan rumpaka anu kumaha anu miluyu keur sanggieun lagu. Malah lila-lila mah tina eta pangalaman teh , namper jadi hiji ugeran anu mandiri. Salah sahijina, juru rumpaka milih kecap anu siniger tengah. Salian ti eta, nempatkeun sajak anu ngawirahma jadi hiji bagian anu penting jadi tinimbangan. Wirahma eta, engkena gede patula patalina jeung ritme lagu. Jadi dina proses ciptana juru sanggi, sacara teu langsung geus kaanteur antara jiwa lagu, ritme, laras, jeung pirigana.

Lamun nitanan kana kajadian eta, gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan nu nyieun rumpaka, beunang disebutkeun geus ngalahirkeun ugeran pupuh-pupuh anyar, anu teu kaugeur ku guru lagu, jeung guru wilangan. Salian ti eta, rumpaka lagu jadi leuwih singget. Contona bae, waktos Mang Koko ngadamel rumpaka ku nyalira, jumlah padana (jumlah padalisan dina hiji komposisi lagu) aya nu dugi ka ngawelas. Paling sakedik antara opat atawa lima pada. Hal ieu bisa jadi kapangaruhan ku kabiasaan dina pupuh, dimana ari jumlahna sabaraha pada, sedeng melodi laguna angger. (Laguna cukup ku sapada oge) Ku sabab kitu teu aneh lamun tepina di masarakat, anu manjang dipiinget jeung awor dina adumanisna, dina pada (koplet) anu kahiji bae. Conto Mang koko ngadamel sabaraha koplet rumpaka dina lagu Karatagan Pahlawan, anu popilerna mah angger bae anu rumpakana: teu honcewang sumoreang, batan koplet anu ka rumpakana: sinatria danalaga.

Hal saperti kieu mangrupa evolusi parobahan dina perkembangan lagu Sunda, sabab umumna rumpaka anu disanggina mah, biasa sok dianggap tamat dina hiji pada wae. Lamun tea mah aya iwalna, sabab dianggap hiji kabutuhan, biasana masih napak dina lagu-lagu anu sipatna hereuy atawa guyon. Dina lagu hereuy atawa sekar caturan, (dialog) rumpaka jadi hiji kakuatan pikeun nuntaskeun udagan eusi, mana komo lamun eusina anu ngahudang sipat kritik sosial. Sabalikna, komposisi lagu hereuy mah kudu leuwih sederhana jeung ulah pangjang teuing. Ku sabab sasaran kakuatanana, ditempatkeun dina rumpakan anu panjang, karasana lamun dibalikeun deui kekecapanana kana rumpaka awal, anu ngadenge jadi teu aneh deui.

Ngabandingkeun nu popiler

Baheula mah umumna rumpaka lagu loba diwangun ku 8 engang, dina tiap jajarna. Hal ieu sigana gede kapangaruhan ku wangunan sisindiran atawa pupuh. Tapi dina lagu-lagu kaulinan barudak, ternyata ngabogaan pola nu mandiri, anu teu kauger ku 8 engang. Sakadar conto, urang bisa merhatikeun pola ritme lalaguan barudak.

Cingcangkeling

Cingcangkeling (4)

Manuk cingkleung cineten (7)

Plos ka kolong (4)

Bapa satar buleneng (7)

Ambil-ambilan

Ambil-ambilan (5)

Turuktuk hayam sametu (7)

Euweuh nu diambil (6)

Aya ge anak minantu (8)

Kawih barudak ciptaan Mang Koko:

Cengcelengan

Sapoe lima sen (6)

Lima poe satelen (7)

Sataun geus puguh (6)

Cengcelengan geus pinuh (7)

Guligah

Rasa guligah (5)

Rapot alus angkana (7)

Seuri gumbira (5)

Ha ha ha ha (4)

Seubeuh pamuji (5)

Irung ge asa beukah (7)

Igel-igelan (5)

Pak pong pak pong gung (5)

Catetan: dina lagu Guligah, baris ka hiji jeung ka dua, katilu jeung ka opat, kalmia jeung ka genep, ka tujuh jeung ka dalapan, dina lagu mah sok di hijikeun. Jadi engangna dina ieu lagu jadi 12-9-12-10.

Pikeun gambaran jeung sakadar conto pola ritme dina lagu-lagu nu geus popiler, diantarana lagu “Es lilin”. Lamun ningali wangunanana, lagu “Es lilin” teh make rumpaka sisindiran. Hal ieu kaciri dina cangkang jeung eusina. Ku sabab Bi Mursih penciptana ngarasa yen jumlah dalapan engang kurang pas jeung kabutuhan melodi laguna, nya ditambahan ku kekecapan tambahan, mah jeung ceuceu.

Es Lilin

Es lilin mah ceuceu kalapa muda

Dibantun mah ceuceu didorong-dorong

Abdi isin ceuceu samar kaduga

Rumaos mah ceuceu seueur kakirang

Ku tambahan eta, (mah ceuceu) anu asalna jumlah engangna dalapan unggal jajarna, ayeuna robah jadi sabelas dina unggal jajarna.

Dikalang aturan goong

Beda jeung musik, dina lagu Sunda anu make irama tandak (ajeg, tetep), geus miboga aturan anu diwatesan ku ragragna sora goong. (Goong gede, goong leutik disebutna kempul). Eta aturan dipitaat jadi ugeran, tur ngabogaan aturan anu mandiri. Contona irama lagu sawilet. Wilet hartina matra, sawilet opat matra. Dina irama sawilet anu diwangun ku opat matra eta, unggal matrana dieusiana ku opat ketuk. Jadi, jumlah ketukan dina irama lagu sawilet teh diwangun ku 16 ketukan. Pungkasan waktu pas ragrag kana ketukan 16, ragrag hiji goong. Lamun digambar kira-kira kieu:

Irama sedeng: / . . . . / . . . . / . . . . / . . . 0/

Katerangan: 0=goong

Pikeun ngagampangkeun mere lelemah napakna kecap (rumpaka) dina lagu, ketukan irama sawilet saperti anu ditulis diluhur, urang rengkep jadi dua kali nu asalna unggal matra 4 ketuk ayeuna jadi 8 ketuk. Kekecapan lagu “Es lilin” urang tandaan ku x, saperti conto di handap ieu:

. . . . x x x x x x . x x x x x . . . . x x x x x x . x x x x x

. . . . es li lin mahceuceu ka la pa mu da di bantunmahceuceu didorongdorong

. . . . x x x x x x . x x x x x . . x x . . x x x x . x x x x x

Ab di I sin ceuceu sa marka du ga ru ma os mahceuceu seueurka ki rang

Lamun ningali pola ritme lagu es llilin, jajar ka 1 tepi ka 3, ritmena sarua. Anu beda, ngan ritme jajar ka opatna. Jajar ka 1 tepi ka 3, sok sanajan ritmena sarua, tapi melodi atawa nadana mah beda, hal lieu bisa katinali lamun ningali notasi, atawa lamun ngadenge laguna.

Dina lagu-lagu kaayeunakeun, loba lagu-lagu anu popilerna di masarakat, diwarnaan ku pola ritme nu sederhana, jeung datar sarua. Maksudna dina eta, ritme laguna mah loba sarua, nu beda ngan jalan melodi laguna bae. Hal saperti kieu sabenerna mah lain barang anyar, da dina lalaguan barudak mah geus napak kitu ti baheula. Perhatikeun bae lagu Cingcangkeling, ucang-ucang angge, ayang-ayang gung, jrrd.

Ku katerangan di luhur muga jadi panganteur, kanu boga niat nyieun rumpaka keur pilagueun, utamana dina unsur wirahma jeung ritmena. Sanajan henteu mangrupa aturan nu dipikudu, alusna mah keur sakadar cacarakan bae mah, merhatikan saperti conto di luhur bakal karasa deui keur bandingan di conto, lamun loba nitenan rumpaka lagu karya Wahyu Wibisana, Dedi Windyagiri, anu sering disanggi jadi lagu Mang Koko.

Pangaruh rumpaka

Sok sanajan ari nu disebut lagu mah, bisa mandiri tanpa make kekecapan, saperti halna dina musik instrumentalia (karawitan gending), dimana lagu diwangun ku sora-sora tatabeuhan wungkul, tapi dina kanyataan umumna masarakat di urang, leuwih resep lagu nu make rumpaka, ti batan lagu-lagu instrumentalia. Di kalangan rumaja, pangpangna dina lalaguan nu mawakeun tema cinta, rumpaka teh jadi daya tarik nu luar biasa, eta kekecapan tek sok di tulis di alus-alus, dijadikeun kata mutiara. Anu keur kasmaran, eta rumpaka asa keur dirina soranagan. Bahkan anu keur kapakan (patah hati), lamun manggih lagu anu rumpakana anu nyeuit-nyeuit kanyeri ati, sok terus dibulak balik, sabab asa lalakon dirina. Nyieun plesetan tina rumpaka lagu, geus biasa jadi mode, nyokot tina lagu-lagu nu popiler.

Dina dunya atikan, mere conto papatah atawa nerangkeun hiji masalah, leuwih gancang katarimana, mun make lagu anu make rumpaka. Sanajan panjang, biasana napel manjang dipiinget. Geura we pendidiken di pasantren, nyaritakeun babar nabi dugi ka pupusna, loba apal ku dilagukeun mah. Kitu deui sipat 20, atawa nataan ngaran poe dina basa Arab.

Rumpaka nu geus dalit jeung laguna, nu alusna bisa mere apresiasi ka para miarsana. Contona bae, aya kekecapan lawas anu umumna teu dipiterang hartina, jadi kahudang deui. Saperti misalna kecap wening, babat raweuy, jrrd. Sabalikna lamun manggih kecap nu salah larap, justru hese di robahna. Nu ngawihkeun daek teu daek kudu ngagugu, yen eta anu bener. Contona waktos Mang koko ngadamel lagu Pasundan Eksiganda. Maksud kecap eksiganda ku Mang Koko nyaeta lemah cai. Barang dipaluruh dina kamus, ternyata yen lemah cai didinya, hartina lemah cai jajahan Mataram.

Sambas nyanggi Manuk Dadali, lamun nitenan eusi rumpakana, manuk dadali teh jadi perlambang sakti Indonesia Jaya. Maksudna mah sarua jeung manuk garuda. Urang sadar yen manuk dadali mah leuwih leutik batan manuk garuda. Sanajan salah, anggeur we eta nu napakna.,

Uko nyieun lagu Maripi. Dikotektak hartina teu aya, barang ditanyakeun ka jinisna harti maripi, jawabna teh duka, da ukur kungsi ngadenge waktu kieur leutik. Judul lagu Budak Ceurik dina panambih tembang, ngagambarkeun rumaja nu keur kasmaran. Nu ngalagukeun tara ngamasalahkeu, nu penting dina lagu kitu kadengena. Hal saperti kieu bisa kapanggih dina lagu Dul Sumbang, anu nyebutkeun samak salambar dina lagu Pangandaran. Robahna tina imut jadi emut. (Imut malati, emut malati) Jati sarakan, jadi sarakan,teu honcewang, jadi ti honcewang. Aya deui rumpaka lagu, waktu caang bulan, anu dilingkung ku bentang baranang. Padahal keur caang bulan mah, bentang loba teu katingal. Raos we!

Pinilih

Ieu mah pamanggih pribadi, jadi sipatna subyektip pisan. Genahna rumpaka keur lagu, anu sederhana bae, kecapna ulah jalimet teuing, atawa nyastra teuing. Salian ngawirahma, oge genah mun murwakanti. Keur judulna, alusna mah anu pondok bae, sangkan gampil dipiinget. Tina judul kana eusi, karasa gampang diolahna jadi lagu. Keur nerangkeun leuwih tembres, sigana kudu aya para ahli sastra anu nyaliksik sacara halus, ngeunaan rumpaka lagu-lagu Sunda. Juru sanggi mah lolobana ngan ukur bisa nyaritakeun, kira-kira nu kitu nu genah dijieun lagu.

Dina tembang Sunda, sok sanajan cenah guguritan kenging Panghulu Hasan Mustopa teh kacida pisan luhung ajenna, tapi waktu diterapkeun kana lagu, karasana asa kurang awor bae. Babasaanana nyastra teuing. Aya dua hal anu jadi alesan, ka hiji hese disanggina, ka dua, dina jadina hese tepina kanu nembangkeunana, atawa masarakat. Mungkin hal ieu disababkeun oge, ku kurangna apresiasi juru sanggi kana ajen-inajen sastra.

Sacara pribadi kuring nyoba nyanggi sajak karya Ajip Rasidi tina kumpulan sajak Jante Arkidam. Lumayan ngesang, mana komo waktu rek direkam, katingalina produser rekaman deukeut-deukeut kana teu resepeun, sabab cenah nu kieu mah moal payu. Kusabab kitu nya nyieun patea sorangan, ku cara ngamodal sorangan, nu peuting si hese teu kabawa hees. Rumpakana sabisa-bisa nyieun sorangan. Laguna jadi ngagebay paranjang, sabab make istilah kawih tembang. (Katem) teu wudu seueur nu bendu.

Sanajan jaman ayeuna barudak geus biasa berciuman, tapi waktu eta kecap diterapkeun dina rumpaka lagu Sunda, karasa jadi kasar ngarihal. Kecap sejen nyaeta kecap randa atawa duda. Alusna mah, memang urang Sunda resep hal-hal anu cawokah, tapi waktu diterapkeun jadi rumpaka lagu, karasana aya kesan nu vulgar.

Naon hal anu diterapkeun dina bahasan ieu, dasarna loba ngahudang tina pangalama pribadi bae, tangtu bakal loba kakuranganana. Sebut we atuh, samentara mah ulah teu aya teuing, ngarah engkena ngarekahan diulik ku para ahli nu leuwih jembar deui. Hatur nuhun!

Pasir Hariring, 16 Mei 2007


Conto-conto rumpaka lagu

I

Diwangun ku 5 engang

Bar ampar-ampar

Panganten anyar

Wilujeng sumping

Restu kairing

II

Diwangun ku 6 engang

Putri citraresmi

Ti taman bihari

Lir kembang malati

Ligar dina ati

III

Diwangun ku 7 tungtung 5

Ampuh lungguh someah

Tara rucah awuntah

Resep cicing di imah

Babalik piker

IV

Diwangun ku 5, 7, 5, 8

Tina jandela

Urang silih kiceupan

Lemu paneuteup

Teuteup jeung geugeut marengan

Tambahan kecap anu ngawelas: Balakbak, conto sejena Imut malati, Anjeun, Potret Manehna, Sagagang Kembang Ros, Samuil Hipu, Tokecang, Bulan jeung bentang, jrrd.

Pasir Hariring, 23 Mei 2007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar